Sabtu, 24 Mei 2014

BEWARA SUBANG




Bewara …!
Kecamatan Cipunagara Kabupaten Subang Propinsi Jawa Barat, kiwari sadaya patani keur kasusahan cai pikeun maseuhan pepelakana/pasawahana.
Cai mangrupi kabutuhan   anu poko  pikeun nyaian pepelakana sangkan bisa sukses manen pare
Geus ilaharna usum halodo kieu mah  patani di Kampung  Jambu, Karang Rasa, Babakan Kumir, Bedeng, Sumur Jaya, Sidajaya jeung Sidamulya.

BEBEGIG SAWAH



Endahna    lembur  Jambu nu dipapaes   ku pasawahan anu kacida waasna! lembur singkur nu aya di tungtung kota  Subang tegesna Dusun Jambu Desa Sidajaya Kacamatan Cipunagara Kabupaten Subang. Sakapeung sok nineung  dibarengan ku rasa ngenes ningali kaayaan masyarakat nu hirupna teu jauh tina hasil tatanen. Leok na angin ngahiliwir nembragan daun pare nu  meujeuhna koneng bari  di wawaas ku bebegig sawah nu cicing ditengah-tengah  kotakan euyak- euyakanan katembrag angin anu keur ngagebahan sarupaning manuk  euteup dina ranggeuyan pare anu gumecrot.