Sabtu, 24 Mei 2014

BEWARA SUBANG




Bewara …!
Kecamatan Cipunagara Kabupaten Subang Propinsi Jawa Barat, kiwari sadaya patani keur kasusahan cai pikeun maseuhan pepelakana/pasawahana.
Cai mangrupi kabutuhan   anu poko  pikeun nyaian pepelakana sangkan bisa sukses manen pare
Geus ilaharna usum halodo kieu mah  patani di Kampung  Jambu, Karang Rasa, Babakan Kumir, Bedeng, Sumur Jaya, Sidajaya jeung Sidamulya.

ngabutuhkeun pisan  cai pikeun nyiraman pepelakan sewang - sewangan.
 Tapi sok sanajan usum gararing / halodo patani teu weleh ihtiar neangan sumber cai ti walungan-walungan anu kahontal ku mesin sedot  ditambah ku modal anu teu saeutik.
Salah sahijina  petani  nu aya dikecamatan cipunagara,  salain  meunang cai ti walungan, aya oge anu naggunakeun sumur  pantek, ( sumber cai dina taneuh )   
Nu jadi harepan ieu  kaayaan Lembur  teh  sing janten perhatosan pamarentah Kabupaten Subang,  Khususna wilayah Kacamatan cipunagara.
"Bewara Kang Purnama "

1 komentar:

  1. ari soal cai mah, sami di daerah uink ogan kang nuju paceklik, nya alatanama mah Tanggul cinangka jebol, ayeuna nuju di oprek, mung ca'ah wae cainan, nya nu ngoprek oge sieuneun ku ca'ah, tapi alhamdulillah sim kuring tiasa nyawah di tempat lain anu ngagunakeun irigasi anu lain, tidieumah caina lubak libuk, byor di juru byor ditengah sawah ...

    BalasHapus