Selasa, 17 Juni 2014

KACILAKAAN DI TANJAKAN EMEN SUBANG

Mobil Beus Aladin anu mawa 54 jiwa siswa SMA Alhuda Cengkareng. teu pupuguh ngagulitik  di tanjakan emen Kecamatan .Ciater, Kabupaten .Subang Kajadian dina poe  salasa 17/6/2014 sore waktos sakitar jam 18.00 WIB.
Akibatna 8 siswa paeh harita keneh, 17 luka parah, jeung sanesna luka ringan. 
Kacilakaan nu tumiba ka beus rombongan barudak siswa SMA Alhuda Cengkareng Jakarta Barat. tegesna di "TANJAKAN EMEN" kabupaten Subang Jawa Barat. Kajadian nu samodel kitu lain ayeuna wae, Percaya atawa henteuna, geus kacatur misteri di wewengkon eta nu nyimpen bau mistik.
Dadan wahyudin penulis kompasiana, parantos nyeratkeun asal-muasal sapanjang jalan raya Bandung-Subang
Salas sahijina kacarios di sabudeureun warga satempat,  "Emen" nagrupakeun hiji ngaran sopir  anu kasohor tur wanian,
"Emen nyetiran mobil oplet jurusan bandung-subang. Mantena maot akibat kacilakaan didaerah eta basa narik lauk asin ti ciroyom bandung nu bade dikirim ka subang, taun 1964.
Legenda "tanjakan emen" ciater subang. Kandaraan anu disetiran ku "EMEN" tibalik terus kaduruk, apesna emen manehna kabeuleum hirup'hirup dugika maot
Emen kasohor hiji-hijina supir gede kawani nyetiran mobil peuting-peuting.

Saprak kajadian eta warga sabudeureuna yakin yen arwah emen nyiliwuri oge ngaganggu kasadaya para supir anu wani ngaliwat kadaerah. eta. Sering kajadian rem blong, beus ngagulitik, jeung tigebrus, nu mineng kajadian di jalur eta kacaritakeuna! Teu saeutik kalanjutana kajadian aneh, contona kandaraan ngadadak mogok, supir kadang nu numpakna kasurupan, pas ngaliwat ka "tanjakan emen". Ceuk versi sanesna. Saur beja tinu sanesna asal-muasalna "tanjakan emen" Nyebutkeun sasakala "EMEN" kentelna, basa aya jalmi aran "EMEN" Nujadi korban tabrak lari didaerah eta. mayid "emen" sanes di tulungan, ieu mah malah disumputkeun kanu barala di wewengkon eta. Teu kanyahoan iraha kajadian tabrak lari eta. Tapi saprak harita arwah emen gentayangan males pati. Sanajan aya dua versi carita mitos, tapi ceuk warga asal ulah ngaganggu, kasadaya para supir kudu dikiasan ku cara nyeungeut udud trus dipiceun ka sisi jalan, etateh jadi simbol mere udud ka arwah emen. Kusabab baheulana emen boga kabiasaan udud bari nyetiran mobil.
Garapan : "Kang Purnama "

Sabtu, 14 Juni 2014

KAWIH KAULINAN BUDAK SUNDA BAHEULA



AYANG-AYANGGUNG
Ayang-ayang gung
Gung goongna rame
Menak ki Wastanu
Nu jadi wadana
Naha maneh kitu
Tukang olo-olo
Loba anu giruk
Ruket jeung kompeni
Niat jadi pangkat
Katon kagorengan
Ngantos Kangjeng Dalem
Lempa lempi lempong
Ngadu pipi jeung nu ompong
Jalan ka Batawi ngemplong