Minggu, 09 November 2014

LAMPAH KURING

Ngalampahkeun tapak suku laku lampah sapopoe, nyeepkeun sesa-sesa napas nu leupas unggal renghap kaluar tina raga, tapi raga nu kumaha nu disebut raga teh? lain raga nu sapopoe di ,lelebar ku kalakuan goreng, nu sipatna syirik,bidik,jail lan kaniaya nu pinuh di ancikan amarah jeung angkara kamurkaan.
Prak geura purak, guar jadi diri di jalan gusti, turutkeun parentah agama jeung jahuan sagala larangana.
Tingeling ceung kolot baheula, sing eling ceuk urang ayeuna, eling teh lain saukur eling ka gusti!!!

tapi sing eling unggal urang nyaring ti beurang nepika peuting, jung geura teyang karidoan-karidoan allah ku tata jeung cara nu geus di tulis tina al-quran jeung hadis-hadis anu ngahaja di turunkeun sangkan jadi tungtunan hirup di dunya oge bekel jaga di aherat!!! prak siar dunya lir ibarat urang rek hirup saumur dunya, jung geura ibadah teangan kamaslahatan ti gusti, lir ibarat urang hirup rek dipungkas sareupna di ala janggana.


Gubragna urang gumeledag ka alam dunya teh lain saukur ngadon hirup cicing teu upaya teu sapari polah, hartina teu nyare'at!
sare'at na hirup di dunya teh ulah cicing memeh datang lapar, kudu miang memeh datang hana'ang, artina sing tarapti usaha nu dibarengan ku ibadah neangan karidoan ti allah!

Tidak ada komentar:

Posting Komentar