Sabtu, 24 Mei 2014

BEBEGIG SAWAH



Endahna    lembur  Jambu nu dipapaes   ku pasawahan anu kacida waasna! lembur singkur nu aya di tungtung kota  Subang tegesna Dusun Jambu Desa Sidajaya Kacamatan Cipunagara Kabupaten Subang. Sakapeung sok nineung  dibarengan ku rasa ngenes ningali kaayaan masyarakat nu hirupna teu jauh tina hasil tatanen. Leok na angin ngahiliwir nembragan daun pare nu  meujeuhna koneng bari  di wawaas ku bebegig sawah nu cicing ditengah-tengah  kotakan euyak- euyakanan katembrag angin anu keur ngagebahan sarupaning manuk  euteup dina ranggeuyan pare anu gumecrot.
Bebegig teh   dijieuna ti jarami pare nu  dibeungkeut ku tali tina gadebog atawa  jarami, sangkan ngabentuk jiga jelema, hulu bebegig dijieun tina batok kalapa,  tepesna dijieun buukna. 
Beuheung bebebgig dijieun tina dahan kayu atawa tina awi anu teu beda  hulu wayang golek nu dicecebkeun ka awakna.
Geus sempurna tuluy bebgig dibajuan   ku baju butut, tuluy eta bebegig teh  ditancebkeun ditengah  kotakan.
Garapan : “Kang Purnama”

Tidak ada komentar:

Posting Komentar