Jumat, 21 November 2014

KABAYAN KA LEUWEUNG


Mangsa harita iteung nangkeup tuur bari manyun di hareupeun kandang domba anu ngan hiji-hijinage geus kajual keur nutupan rasiko dapur! dina wayah meujeuhna isuk kabeurangnakeun kasampak si kabayan karak buburanjat nyaring sare.
huaaayyyyy nyi... nyi iteung, aya naon kang!!! 
bari semu ambek.
Cing nyi akang pang ngieunkeun cikopi
teu aya kang cikopi mah da gulana seep
kopi pait atuh???
puguh cai panas na oge teu aya!
naheur atuh naheur....
bari rada keuheul nyi iteung pok nyarita! kang urang teh geus sapuluh sabelas, har naon maksudna nyi eta bahasa asa araraneh kitu''' nya maksud nyai mah akang teh kudu getol usaha eta mah teu langkung rek usaha naon wae oge nu penting mah halal dituangna tuh geningan tatangga urang mah kaleuweung mah ka kebon mah ka sawah mah geus sagala usaha teh pohara kanu naon bae!
nya ari kitu mah akang oge arek ari ukur kaleuweung mah akang ge bisa, bari ngaleos nyagking bedog.
Teu kungsi 2 jam si kabayan geus nepika tempat nu dituju nya eta leuweung GONGGONG SIMA GONGGONG, hulang huleng bari kakarayapan si kabayan manggihan hayam cangehgar keur ngendong bari gabrug terus di tewak!

keok keok keok haahhh beunang siah hayam ku kuring di panggang siah moal teu bungaheun nyi iteung, tah iyeu kayu na pake ngasakana. 
Tah hayam ayeunamah kuring kayu geus meunang wayahna maneh mah jung balik ti heula sabab kuring hese mawa maneh bari mawa suluh''' cul si hayam di leupaskeun ku si kabayan bari nitah ka hayam sangkan balik miheulaan.
Wayah tangari kabayan gancang balik bari mawa hate bungah kalayan meunang hayam pikeun deungeun sangu.
Nyi nyi iteung akang mulang geulis bojo akang anu pang geulisna..... meunang naon kang mulih ti leuweung teh? iyeu meunang supa jeung kayu pikeun nyanggu, nyi ari hayam teh geus asak/ horr si akang hayam timana horeng pan urang mah teu ngukut hayam! bieu hayam cangehgar nu meunang akang tea apan ku akang di titah mulang tiheula sabab akang ridu ku babawaan jadi si hayam ku akang di leupaskeun bari di parancahan sangkan balik miheulaan! kang kabayaaaaannn bodo teh kacida naker naha atuh meunang hayam alakah di lesotkeun deui, "geus isukan mah lamun manggih nanaon langsung di duruk wae sangkang asak".
Isukna kabayan indit deui ka leuweung bari inget ka amanatna nu jadi pamajikan.
teu kungsi lila kabayan nepika leuweung bari apruk-aprukan manggih mencek keur depa di handapeun tangkal kai, eta si kabayan inget ka amanah nyi itueng "mun manggih nanaon sangkan di duruk" bari nyekreskeun gasolin tuluy teu asa-asa kabayan ngaduruk buntut uncal nepika ngacir lumpat ngacir.
Kabayan olohok bengong mata simeuteun, antukna kabayan di carekan beak bersih ku nyi iteung" nya geus kang kabayan isukan mah lamun manggih nanaon deui ulah asa-asa deui langsung tubruk wae kang ulah di duruk deui omat!
wayah sareupna subuh kabayan geus tatan-tatan nyiapkeun sagala kaperluan keur bekel ka leuweung!
nyi ayna akang rek kaleuweung deui do'akeun ku nyai sangkan akang beubeunangan jeung hasil, muhun amin kang amin...
bari ngahariring kabayan indit deui ka leuweung, jol nepka leuweung putar puter apruk-aprukan teu kungsi lila kabayan manggih maung keur depa, ku sabab inget ka omongan si iteung eta si kabayan teu dipikir dua kali deui luncat bari nubruk ka maung keur depa, antukna lain kabayan nu nubruk maung tapi maung malikan nubruk si kabayan nepika paeh.
Nggeusan weh dongengna da sikabayana paeh di gabrug maung.
TAMAT.

1 komentar:

  1. KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.

    KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.


    KAMI SEKELUARGA MENGUCAPKAN BANYAK TERIMA KASIH ATAS BANTUANNYA MBAH , NOMOR YANG MBAH BERIKAN/ 4D SGP& HK SAYA DAPAT (350) JUTA ALHAMDULILLAH TEMBUS, SELURUH HUTANG2 SAYA SUDAH SAYA LUNAS DAN KAMI BISAH USAHA LAGI. JIKA ANDA INGIN SEPERTI SAYA HUB MBAH_PURO _085_342_734_904_ terima kasih.

    BalasHapus