Selasa, 11 November 2014

KAAYAN PANEN KAMPUNG JAMBU DESA SIDAJAYA - CIPUNAGARA - SUBANG

Dusun Jambu kiwari ngamimitian  panen sanajan panen teu bareng kusabab memeh melak ti binih nepika dipelakeun kakurangan cai pikeun nyiram sawah petani nu balukarna petani di dusun jambu nyedot cai ti walungan ti mimiti ngawinih nepika beukah.
Lantaran di kecamatan cipunagara kabupaten subang keur usum halodo, tapi petani desa sidajaya masih leukeun nyawah sanajan jauh pihujaneun balukarna petani ngabutuhkeun  modal anu anu leuwih gede supaya pepelakana panen ka arah hasila.
Salahsahiji  petani asal Dusun Jambu nu cindekna   pas pisan hareupeun Madrasah Nurul Ihsan Dusun Jambu, kasampak sawahna  gagal panen sabab kakurangan modal pikeun nyiram pare.
atoh nu aya pikeun para petani nu gede modal mah sabab sawahna  pasti panen sanajan ka untungan panena saeutik.
para patani kecamatan cipunagara ngaharepkeun bantuan pamarentah kabupaten subang pikeun nanggulangi para patani supaya teu gede teuing modal, neupika kiwari pamarentah kabupaten subang can aya tanggapan atawa bantuan pake para petani daerah.

Subang,  salasa 11/11/2014.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar