Jumat, 21 November 2014

DUSUN JAMBU-SIDAJAYA NGEUREUYEH NGASPAL JALAN

Opat poe nu geus kaliwat jalan jambu-sidajaya ngeureuyeuh ngarug jalan nu ambles jeung lalegok ku batu babaraha mobil treuk. Jalan jambu-sidajaya nu geus babaraha taun katukang tara di renopasi lantaran teu aya perhatian ti kabupaten subang kiwari geus aya kamajuan ayeuna jalan keur ngereuyeuh ngaspal sanajan kara 1 km panjang ruas jalan nu geus ka aspal.
Subang 21/11/2014.

KABAYAN KA LEUWEUNG


Mangsa harita iteung nangkeup tuur bari manyun di hareupeun kandang domba anu ngan hiji-hijinage geus kajual keur nutupan rasiko dapur! dina wayah meujeuhna isuk kabeurangnakeun kasampak si kabayan karak buburanjat nyaring sare.
huaaayyyyy nyi... nyi iteung, aya naon kang!!! 
bari semu ambek.
Cing nyi akang pang ngieunkeun cikopi
teu aya kang cikopi mah da gulana seep
kopi pait atuh???
puguh cai panas na oge teu aya!
naheur atuh naheur....
bari rada keuheul nyi iteung pok nyarita! kang urang teh geus sapuluh sabelas, har naon maksudna nyi eta bahasa asa araraneh kitu''' nya maksud nyai mah akang teh kudu getol usaha eta mah teu langkung rek usaha naon wae oge nu penting mah halal dituangna tuh geningan tatangga urang mah kaleuweung mah ka kebon mah ka sawah mah geus sagala usaha teh pohara kanu naon bae!
nya ari kitu mah akang oge arek ari ukur kaleuweung mah akang ge bisa, bari ngaleos nyagking bedog.
Teu kungsi 2 jam si kabayan geus nepika tempat nu dituju nya eta leuweung GONGGONG SIMA GONGGONG, hulang huleng bari kakarayapan si kabayan manggihan hayam cangehgar keur ngendong bari gabrug terus di tewak!

Minggu, 16 November 2014

PEPELING AKI NINI BAHEULA

Ujang omat hidep ulah kabawa sakaba-kaba sabab jaga mah bakal kajadian jaman LAUK MIJAH MILU BURUK!
nu kumaha ki nu disebut lauk mijah milu buruk teh? kieu jang artinamah nu kitu teh jelma nu tuturut munding saperti loba jelma nu jadi korban jaman, ningali batur koropsi milu koropsi ningali batur kaditu milu kaditu, nya loba pisan jalma nu sok tuturut munding bari eta nu di iluan ku maranehnateh acan muguhan bener.
Harita jaman aki perang ngalawan walanda mah para tantara RI pasti tempur heula di medan jurit ngarebutkeun lemah cai urang, teu saeutik babaturan aki basa perang nu gugur mah nu cidra mah nu katewak mah, di berok mah jeung rupa-rupa kajadian nu matak ting sareblak kana hate, nya balukarna sare teu tibra dahar teu mirasa da sabab euweuh keur daharna, atuh sakapanggihna dahareun di leuweung sa aya-aya.
Tapi naha ari jaman ayeuna loba jelma nu ngaremehkeun kamardekaan, nepika der politikna silih rorod silih dudut jg bangsa sorangan, komo eta kabejakeun anu korupsi mah ayeuna cenah di tahan KPK, eta teh pangkat pajabat!
geus beda jeung jaman aki baheula memeh jadi pajabat teh di berok heula ku walanda geus disiksa ku walanda karak jadi pajabat nagara naha ari jaman ayeuna jadi pajabat heula tuluy di berok!

Selasa, 11 November 2014

KAAYAN PANEN KAMPUNG JAMBU DESA SIDAJAYA - CIPUNAGARA - SUBANG

Dusun Jambu kiwari ngamimitian  panen sanajan panen teu bareng kusabab memeh melak ti binih nepika dipelakeun kakurangan cai pikeun nyiram sawah petani nu balukarna petani di dusun jambu nyedot cai ti walungan ti mimiti ngawinih nepika beukah.

MAUNG KAJAJADEN


Cigorowong nukatelah lembur misteri atawa kasohor mistik kacatur di eta dusun aya beja ti jelma nu beunang dipercaya pak ujang arana.
Dina mangsa harita poe kemis malam jumaah  pa ujang kadatangan tamu nu ngahaja ngadeuheus ka dusun cigorowong bah genta jeng sobatna mang hasan.
Cunduk kana waktu ninggang kamangsa, bah genta keketrok kana lawang imah pak ujang, sampurasun... Sampurasun... Rampes dijawab ku pamajikan pak ujang!
Krekekkkk tuluy pok bah genta tumanya

Minggu, 09 November 2014

LAMPAH KURING

Ngalampahkeun tapak suku laku lampah sapopoe, nyeepkeun sesa-sesa napas nu leupas unggal renghap kaluar tina raga, tapi raga nu kumaha nu disebut raga teh? lain raga nu sapopoe di ,lelebar ku kalakuan goreng, nu sipatna syirik,bidik,jail lan kaniaya nu pinuh di ancikan amarah jeung angkara kamurkaan.
Prak geura purak, guar jadi diri di jalan gusti, turutkeun parentah agama jeung jahuan sagala larangana.
Tingeling ceung kolot baheula, sing eling ceuk urang ayeuna, eling teh lain saukur eling ka gusti!!!